Selasa, 08 Maret 2016

KHUTBAH SAMAGAHA PANON POE (KUSUF)


KHUTBAH SAMAGAHA PANON POE (KUSUF)

Ku :

Ust. Aep Munawar 

Kajadian Samagaha Mangrupakeun Tanda Kaagungan Jeung Kakawasaan Alloh

اَلْحـَمْدُ لِلّٰهِ الَّذِيْ خَلَقَ السَّمٰـوَاتِ وَالْأَرْضَ وَجَعَلَ الظُّلُمَاتِ وَالنُّوْرَ، ثُمَّ الَّذِيْـنَ كَـفَرُوْا بِـرَبِّـهِمْ يَعْدِلُوْنَ، اَللّٰــهُمَّ صَـلِّ وَسَــلِّمْ عَـلٰى عَبْـدِكَ وَرَسُـوْلِكَ مُحَمَّدٍ وَعَـلَى آلـِهِ وَصَحْـبِهِ أَجْـمَعِيْنَ، أَمَّـا بَعْدُ. فَيَآ أَيُّـهَا المُؤْمِنُوْنَ اتَّقُوْا اللهَ أُوْصِيْكُمْ وَإِيَّايَ بِتَقْوَى اللهِ وَطَاعَتِهِ فَقَدْ فَازَ المُتَّقُوْنَ. أَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ : وَآيَةٌ لَّهُمُ اللَّيْلُ نَسْلَخُ مِنْهُ النَّهَارَ فَإِذَا هُمْ مُظْلِمُوْنَ وَالشَّمْسُ تَجْرِيْ لِمُسْتَقَرٍّ لَّـهَا ذٰلِـكَ تَقْدِيْرُ الْعَزِيْزِ الْعَلِيْمِ وَالْقَمَرَ قَدَّرْنَاهُ مَـنَازِلَ حَتّىٰ عَـادَ كَالْعُرْجُوْنِ الْقَدِيْمِ لَا الشَّمْسُ يَنْبَغِيْ لَهَا أَنْ تُدْرِكَ الْقَمَرَ وَلَا اللَّيْلُ سَابِقُ النَّهَارِ وَكُلٌّ فِيْ فَلَكٍ يَّسْبَحُوْنَ

Jama’ah Hadirin Rohimakumulloh

Hayu urang sami-sami ningkatkeun kaimanan jeung kataqwaan ka Alloh SWT kalawan Taqwa anu sabener-benerna, nyaeta istiqomah dina ngalaksanakeun sadaya parentah-Na jeung nebihan sadaya larangan nana. Kukituna mudah-mudahan urang sadaya janten umat anu pangsaena sareng pang unggulna oge kenging karidhoan Alloh di dunya parat dugika akherat.

Jama’ah Hadirin Rohimakumulloh

Alloh SWT parantos ngadawuh dina surat Ali Imron ayat 190-191

إِنَّ فِي خَلْقِ السَّـمٰوَاتِ وَالْأَرْضِ وَاخْتِلَافِ اللَّيْلِ وَالنَّهَارِ لَآيَاتٍ لِّأُولِى الْأَلْبَابِ الَّذِيْنَ يَذْكُرُوْنَ اللّٰهَ قِيَامًا وَّقُعُوْدًا وَّعَلٰى جُنُوْبِهِمْ وَيَتَفَكَّرُوْنَ فِي خَلْقِ السَّمَٰوَاتِ وَالْأَرْضِ رَبَّنَا مَا خَلَقْتَ هَٰذَا بَاطِلًا سُبْحَانَكَ فَقِنَا عَذَابَ النَّارِ

“Saenyana dina diyugakeun langit katut bumi jeung pilih gentina peuting jeung beurang teh, jadi ayat-ayat (tanda-tanda kakawasaan Alloh) pikeun jalma-jalma anu boga pikiran”.
Nyaeta jalma-jalma anu inget ka Alloh bari nangtung, bari diuk, bari nyangkere, bari mikiran perkara diyugakeun nana langit katut bumi, bari nyarita : “Nun Gusti Pangeran Abdi sadaya! Gusti henteu ngayugakeun ieu sadaya kalayan teu kantenan gunana. Maha Suci Gusti! Kumargi eta mugi Gusti ngajaring abdi sadaya tina siksaan seuneu naraka.”

Ngan para Ulil albab nyaeta ( jalmi-jalmi anu mikir kalawan kaimanan) anu bisa nafakuran jeung ngalap hikmah kana kajadian samagaha. Kajadian samagaha sakapeung matak pikasieuneun. Saeutik-saeutik panon poe beuki poek, tuluy reup alam dunya jadi poek.
Sawarehna jalma-jalma aya anu boga kayakinan yen kajadian samagaha teh nyaeta ayana makhluk raksasa anu ngahakan panon poe. Tuluy maranehna narakolan sagala rupa pikeun ngusir eta makhluk. Dimana-mana bray alam dunya caang deui maranehan nana boga kayakinan yen maranehan nana geus bisa ngusir eta makhluk. Eta kayakinan anu sapertikeun kitu teh salah kacida. 

Aya deui anu boga kayakinan yen kajadian samagaha teh ciri-ciri bakal aya kagorengan atawa kacilakaan. Kajadian sarupa dina waktos pupusna Sayyid Ibrohim putra Rosululloh SAW,  jalma-jalma harita baroga kayakinan yen maotna Sayyid Ibrohim aya patalina jeung kajadian samagaha waktu harita. Tapi Rosululloh SAW nolak kana kayakinan masyarakat waktu harita, teras ajeunna ngajarkeun nilai-nilai katauhidan. Lamun timbul kasieun, sieun mah kudu ku Alloh anu ngajadikeun samagaha, dimana-mana timbul kasieun buru-buru eling ka Alloh jeung laksanakeun sholat. Sakumaha pidawuh Mantenna :

إِنَّ الشَّمْسَ وَالْقَمَرَ آيَتَانِ مِنْ آيَـاتِ الله لاَ يَنْخَسَفَانِ لِمَوْتِ أَحَـدٍ وَلاَ لِحـَيَاتِهِ ، فَإِذَا رَأَيْـتُمْ ذٰلِـكَ فَادْعُوا اللهَ وَكَبِّرُوْا، وَصَلُّوْا ، وَتَصَدَّقُوْا ……

“Saestuna panon poe jeung bulan eta teh dua tanda tina pirang-pirang kakawasaan Alloh, teu pati-pati samagaha kusabab maotna hiji jalma jeung hirupna hiji jalma, dimana-mana aranjeun ningalai kajadian samagaha maka pek geura ngadaru’a ka Alloh, maca takbir, sholat jeung sodaqoh”. (Muttafaq ‘Alaih)

Jamaah Hadirin Rohimakumulloh

Kajadian samagaha teh mangrupakeun ciri kaagungan jeung kakawasaan Alloh SWT, di zaman ayeuna nu disebut zaman modern, urang sarerea bisa nitenan kana ayat-ayat Alloh, ku para Ilmuwan geus dibuktikeun yen kajadian samagaha teh mangrupakeun kajadian anu luar biasa anu jadi ciri kana ka agungan Alloh SWT. Kajadian samagaha teh nuduhkeun yen alam ieu aya anu ngatur jeung ngawasa, nyatana Alloh SWT. Sakumaha pidawuh Alloh SWT dina Al-qur’an Surat Ibrohim ayat 33 :

وَسَخَّرَ لَكُمُ الشَّمْسَ وَالْقَمَرَ دَآئِبَيْنِ ۖ وَسَخَّرَ لَكُمُ اللَّيْلَ وَالنَّهَارَ

“ Jeung Anjeunna oge geus midamel sarangenge katut bulan anu maluter teu aya kendatna keur maraneh, pon kitu deui geus ngayakeun peuting jeung beurang keur maraneh.

Alloh ngadawuh dina surat Yassin ayat 37-40 :

وَآيَةٌ لَّـهُمُ اللَّيْلُ نَسْـلَخُ مِنْهُ النَّـهَارَ فَإِذَا هُمْ مُظْلِمُوْنَ وَالشَّمْسُ تَجْرِيْ لِمُسْتَقَرٍّ لَّهَا ذٰلِـكَ تَقْدِيْرُ الْعَزِيْزِ الْعَـلِيْمِ وَالْقَمَرَ قَدَّرْنَاهُ مَـنَازِلَ حَتّىٰ عَـادَ كَالْعُرْجُوْنِ الْقَدِيْـمِ لَا الشَّمْسُ يَنْـبَغِيْ لَـهَا أَنْ تُدْرِكَ الْقَمَرَ وَلَا اللَّيْلُ سَابِقُ النَّهَارِ وَكُلٌّ فِيْ فَلَكٍ يَّسْبَحُوْنَ

“Jeung hiji ayat (tanda) pikeun maranehna teh peuting. Kami ngudar tina eta peuting teh (cahaya) beurang. Atuh reup wae maranehna teh paroekkeun.
Jeung sarangenge muter dina tempat anu pinasti eukeurna. Eta teh papasten Nu Maha Gagah, Nu maha Uninga.
Jeung bulan ku Kami geus dipastikeun tempat-tempatna sababaraha darajat, nepika balik deui kawas bunderan langgari nu kolot.
Teu sawadina sarangenge nyusul bulan, jeung teu sawadina peuting miheulaan beurang, karana sagala rupa oge lumampah dina tempatna”.

Jama’ah Hadirin Rohimakumulloh

Tina ayat tadi parantos jelas yen kajadian samagaha teh mangrupakeun tanda-tanda kaagungan jeung kakawasaan Alloh SWT. Urang sadaya teu kenging gaduh kayakinan yen samagaha teh tandana bakal aya kajadian kagorengan atawa kacilakaan, nu dizaman ayeuna sok disebut mitos. Tapi kajadian samagaha teh proses tapak damel Alloh SWT. Kukituna hayu urang sami-sami nyeueurkeun dzikir, istighfar, sholawat, sareng nyeueurkeun shodakoh malah mandar urang sadayana salamina aya dina pitulung Alloh SWT. Amin ya Robbal ‘alamin.

بَارَكَ اللهُ لِيْ وَلَكُمْ فِي القُرْآنِ العَظِيْمِ وَنَفَعَنِي وَإِيَّاكُمْ بِمَا فِيْهِ مِنَ الآيَاتِ وَالذِّكْرِ الحَكِيْمِ وَتَقَبَّلَ مِنِّي وَمِنْكُمْ تِـلَاوَتَهُ إِنَّـهُ هُوَ السَّمِيْعُ العَلِيْمُ وَاسْتَغْفِرُ اللهَ العَظِيْمَ لِيْ وَلَـكُمْ وَلِـسَائِرِ الُمْسِلِمْينَ وَالمُسْلِمَاتِ وَالمُؤْمِنِيْنَ وَالمُؤْمِنَاتِ فَاسْتَغْفِرُوْهُ فَيَا فَوْزَ المُسْتَغْفِرِيْنَ وَيَا نَجَاةَ التَّائِبِيْنَ



KHUTBAH KA DUA

اَلْحَمْدُ ِللهِ الَّذِىْ خَلَقَ الشَّمْسَ ضِيَاءً وَالقَمَرَ نُوْرًا وَأَشْـهَدُ أَنْ لَّا إِلٰـهَ إِلَّا اللهُ وَحْـدَهُ لَا شَرِيْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ أَنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ اَللّٰهُمَّ صَـلِّ وَسَـلِّمْ عَـلٰى عَبْدِكَ وَرَسُوْلِكَ مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِـهِ وَصَحْبِهِ أَجْمَعِيْنَ أَمَّا بَعْدُ فَيَآ أَيُّهَا الْمُؤْمِنُوْنَ اتَّقُوْا اللهَ أُوْصِيْكُمْ وَإِيَّايَ بِتَقْوَى اللهِ وَطَاعَتِهِ فَقَدْ فَازَ المُتَّقُوْنَ. إِنَّ اللهَ وَمَلَآئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلَى النَّبِيِّ يَاأَيُّهَااَّلذِيْنَ آمَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا اَللّٰهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ كَمَا صَلَّيْتَ عَلٰى سَيِّدِنَا إِبْرَاهِيْمَ وعلٰى آلِ سَيِّدِنَا إِبْرَاهِيْمَ وَبَارِكْ عَـلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَـلَى آلِ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ كَمَا بَارَكْتَ عَلَى سَيِّدِنَا إِبْرَاهِيْمَ وَعَلَى آلِ سَيِّدِنَا إِبْرَاهِيْمَ فِي العَالَمِيْنَ إِنَّكَ حَمِيْدٌ مَجِيْدٌ
اَللّٰهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُسْلِمِيْنَ وَالمُسْلِمَاتِ وَالمُؤْمِنِيْنَ وَالمُؤْمِنَاتِ الأحْـيَاءِ مِنْهُمْ وَالأَمْـوَاتِ إِنَّكَ سَمِيْعٌ قَرِيْبٌ مُجِيْبُ الدَّعَـوَاتِ وَقَاضِيَ الحَاجَاتِ وَأَلِّفْ بَيْنَ قُلُوْبِهِمْ وَأَصْلِحْ ذَاتَ بَيْنِهِمْ وَانْصُرْهُمْ عَـلَى عَدُوِّكَ وَعَدُوِّهِمْ , اَللّٰهُمَّ لَا تُسَلِّطْ عَلَيْنَا مَنْ لَّايَخَافُكَ وَلا يَرْحَمُنَا , اَللّٰهُمَّ أَعِزَّ الإسْلامَ وَالمُسْلِمِيْنَ وَأَذِّلَّ الشِّـرْكَ وَالمُشْرِكِيْنَ وَدَمِّرْ أَعْـدَآءَ الدِّيْنِ وَانْصُرْ عِبَادَكَ المُؤْمِنِيْنَ رَبَّنَا لَاتُزِغْ قُلُوْبَنَا بَعْدَ إِذْ هَدَيْتَنَا وَهَبْ لَنَا مِنْ لَدُنْكَ رَحْمَةً إِنَّـكَ أَنْتَ الوَهَّابُ رَبَّنَا آتِنَا فِي الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِي الْآخِرَةِ حَسَنَةً وَّقِنَا عَذَابَ النَّارِ.
عِـبَادَ اللهِ . إِنَّ اللهَ يَأْمُرُ بِالعَدْلِ وَالْإِ حْسَانِ وَاِيْـتَآءِ ذِيْ القُرْبَى وَيَنْـهٰى عَنِ الفَحْشَاءِ وَالمُنْكَرِ وَالبَغْيِ يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ فَاذْكُرُوْا اللهَ العَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَاشْكُرُوْا عَلَى نِعَمِهِ يَزِدْكُمْ وَاسْأَلُوْهُ مِنْ فَضْلِهِ يُعْطِكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرُ. وَاللهُ يَعْلَمُ مَا تَصْنَعُوْنَ

Tidak ada komentar:

Posting Komentar